Katuangan Sunda: Cireng alias Aci Digoreng
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Wednesday, August 17, 2005

Cireng alias Aci Digoreng

Cireng alias Aci Digoreng teh katuangan sunda pituin anu gampil ngadamelna, mirah pami ngagaleuh, nanging raos pisan dina letah. Matak deudeuien.

Bunda Inong ti Singapur, dina milist wsab ngabagi resep ieu. Pami ngadamel nyalira mah pan katawis jentre kabersihanana. Mung, saur anjeuna teh, sabangsaning katuangan anu didamel tina aci sapertos cireng sakulawargi, pami digoreng teh kadang kawis ngabeletuk, dar der dor siga tentara perang. Janten sing atos-atos wee ah...

Bahan:
100 gr aci
1 sdm tarigu
75 ml cai
½ sdt pedes bubuk
1 sdt uyah
1 sihung bawang bodas parud
30 g kadele bodas, keueum dugi hipu
1 bawang daun, siksik ipis
minyak goreng

Ngadamelna:
Hijikeun sadaya bahan sajaba ti cai. Aduk rata. Kucuran cai. Aduk rata. Panskeun minyak. Goreng aci sasendok-sasendok dugikeun ka asak.


Mangga cobian....

4 Waleran:

At 6:22 AM, Blogger keukeu ngawaler ...

eh geuning cireng teh nganggo kedele boda ah nembe terang abdi mah. Pantesan atuh ari ngadamel cireng teh sok benten sareng si emang tukang gorengan.

 
At 2:24 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

upami ngadamel sambelna kumaha nya? abdi oge hoyong nyobian ngadamel cireng.

 
At 5:11 AM, Blogger Kang Sjam ngawaler ...

Ranginang....? aduh meni asyik dikucur ku cuka...(subyektif ieu mah.. he eh); opak sampeu...?

 
At 9:03 PM, Blogger prabu sinatria ngawaler ...

hatur nuhun kawargi sadaya anu parantos sugri kalawan ku ka ikhlasana mumule kana basa indung nyaeta basa sunda, sanaos kuring sanes ti golongan istri mung simkuring ngraos bingah pisan, pon kitu deui geuning anu ngamumule na teh urang sunda anu ngamukim di nagri luar -- nuhun nuhun ti sinatria.sunda@gmail.com

 

Post a Comment

<< Ka Payun