Katuangan Sunda

Katuangan Sunda

Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Tuesday, October 25, 2005

Ikan Mas Siram Bumbu Tauco

Taaah ieu teh resep favorit keluarga abdi …. Mangga bilih bade di cobi ……

Bahan:
2 ekor Ikan Mas/Gurame (yang sedang) digoreng nepi ka garing

Bumbu:
5 siung B.Bodas dikeprek teras dicincang
5 siung B. Beureum di rajang halus
1 bh Tomat Hejo (beureum ge teu nanaon) disiksik
6 bh Cabe Hejo disiksik serong
15 bh Cabe cengek (utuh weh)
1/2 botol Tauco Cianjur
Kecap Manis sacukupna
Uyah sacukupna (biasana tauco atos asin jadi uyah na pang paneurina upami kirang asin)

Penyedap (optional)


Carana :
Goreng ikan mas/gurame agak kering, sisihkan
Tumis B.Putih dan Merah nepi ka sengit, lebetkeun tauco, cabe hejo seng tomat caian sakeudik, tos asak teras cengek, kecap manis, uyah sareng penyedap.
Siramkan Tauco ka ikan Mas anu tos digoreng tadi tadi ....
Emam sareng Nasi Pulen haneut haneut, ahh yummi

Fifi

Thursday, August 18, 2005

Comro alias Oncom Dijero

Sami sareng sakadang cireng, si comro teh asli kawit sunda. Tingali wee namina, meni resep akronim urang sunda teh. Ngarah gampil diemut meureun. Ieu katuangan didamel tina sampeu teh mani raos pami dileueut panas. Seuhah seuhah ......

Dina milist wsab, Bunda Inong ngabagi deui resepna kanggo wsab kumargi aya spesial rikues ti Roro anu kapanasan ku Lia, Irma, tur Teh Inta.



Bahan
1 kilo parud sampeu
1/2 hulu kelapa, parud
1 sdt uyah
penyedap saeutik

Eusi
4 sihung bawang beureum, siksik ipis
2 sihung bawang bodas, rendos
1 mangkok leutik tempe bungkil/oncom potong lalembut
cabe rawit sakahoyong
3 bawang daun, siksik ipis
3 daun saledri, siksik

Bungbu
Uyah, pedes, kecap amis, gula beureum saperluna, penyedap sakedik we... sakedik nya...

Ngadamelna
Galok parud sampeu, parud kalapa, uyah, jeung penyedap.
Gongsreng bawang beureum jeung bawang bodas, abrukeun oncom, uyah, pedes, kecap amis, penyedap, cabai rawit, bawang daun jeung saledri.
Sendok adonan kinten2 saageung bal pingpong, ratakeun dina dampal tangan, eusi ku oncom. Buleud2 adonan dugika nutup, gepengkeun. Goreng dugika warnana kolot.



Tambihan ti Lia: saledri tiasa digentos ku surawung.
Catetan ti Roro: hoyong comro. Keur mah teu aya oncom, si tempe na oge nuju langki di toko, pikasebeleun...

Wednesday, August 17, 2005

Cireng alias Aci Digoreng

Cireng alias Aci Digoreng teh katuangan sunda pituin anu gampil ngadamelna, mirah pami ngagaleuh, nanging raos pisan dina letah. Matak deudeuien.

Bunda Inong ti Singapur, dina milist wsab ngabagi resep ieu. Pami ngadamel nyalira mah pan katawis jentre kabersihanana. Mung, saur anjeuna teh, sabangsaning katuangan anu didamel tina aci sapertos cireng sakulawargi, pami digoreng teh kadang kawis ngabeletuk, dar der dor siga tentara perang. Janten sing atos-atos wee ah...

Bahan:
100 gr aci
1 sdm tarigu
75 ml cai
½ sdt pedes bubuk
1 sdt uyah
1 sihung bawang bodas parud
30 g kadele bodas, keueum dugi hipu
1 bawang daun, siksik ipis
minyak goreng

Ngadamelna:
Hijikeun sadaya bahan sajaba ti cai. Aduk rata. Kucuran cai. Aduk rata. Panskeun minyak. Goreng aci sasendok-sasendok dugikeun ka asak.


Mangga cobian....