Katuangan Sunda: Comro alias Oncom Dijero
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Thursday, August 18, 2005

Comro alias Oncom Dijero

Sami sareng sakadang cireng, si comro teh asli kawit sunda. Tingali wee namina, meni resep akronim urang sunda teh. Ngarah gampil diemut meureun. Ieu katuangan didamel tina sampeu teh mani raos pami dileueut panas. Seuhah seuhah ......

Dina milist wsab, Bunda Inong ngabagi deui resepna kanggo wsab kumargi aya spesial rikues ti Roro anu kapanasan ku Lia, Irma, tur Teh Inta.



Bahan
1 kilo parud sampeu
1/2 hulu kelapa, parud
1 sdt uyah
penyedap saeutik

Eusi
4 sihung bawang beureum, siksik ipis
2 sihung bawang bodas, rendos
1 mangkok leutik tempe bungkil/oncom potong lalembut
cabe rawit sakahoyong
3 bawang daun, siksik ipis
3 daun saledri, siksik

Bungbu
Uyah, pedes, kecap amis, gula beureum saperluna, penyedap sakedik we... sakedik nya...

Ngadamelna
Galok parud sampeu, parud kalapa, uyah, jeung penyedap.
Gongsreng bawang beureum jeung bawang bodas, abrukeun oncom, uyah, pedes, kecap amis, penyedap, cabai rawit, bawang daun jeung saledri.
Sendok adonan kinten2 saageung bal pingpong, ratakeun dina dampal tangan, eusi ku oncom. Buleud2 adonan dugika nutup, gepengkeun. Goreng dugika warnana kolot.



Tambihan ti Lia: saledri tiasa digentos ku surawung.
Catetan ti Roro: hoyong comro. Keur mah teu aya oncom, si tempe na oge nuju langki di toko, pikasebeleun...

6 Waleran:

At 1:25 PM, Blogger TomInta family ngawaler ...

Tambihan ti Abdi nya... anggo daun Basilikum mun di Jerman mah, naon tah nami internasional na teh...??

 
At 1:42 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Aeeeh, parantos aya anu lebet,
muhun teh si surawung teh judulna Basil, heheh.

Mung di US mah, si basil teh mani seueur rupi sareng bauna. Nami na oge macem2, aya lemon basil, aya holy basil, aya cinamon basil, aya common basil, jst, jst, jst.

Ah matak lieur. Abdi mah ceceg kunu namina: Lemon Basil, raraosan mah sami sareng anu di Indonesia...

 
At 2:42 AM, Blogger Nandar ngawaler ...

"cabai" mah basa Indonesia, Sundana "cabe". Nuhun.

 
At 7:22 PM, Blogger Wanita Sunda Antar Benua ngawaler ...

hatur nuhun kumincir :)

 
At 11:48 PM, Blogger Nandar ngawaler ...

Nambihan deui sakedik...

'cabai rawit' mah basa Indonesia, basa Sundana 'cengek'.

 
At 4:50 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Keep up the good work » » »

 

Post a Comment

<< Ka Payun